Alumni SMPN Cilawu Garut Lulusan 1981
Sekretariat:
Jalan Raya Garut Tasik KM.11.5 Kp. Babakan Pasantren RT.03/01 Desa Mekarsari Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut
Kode Pos 44181.Phone :081321839683
Jalan Raya Garut Tasik KM.12. Kp. Citelu RT.02 RW.II Desa Sukatani Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut
Kode Pos 44181 Phone : 081323799249
Sabtu, 15 Oktober 2011
Selasa, 11 Oktober 2011
Acara Puncak
Alhamdulillah Acara Reunian Teh tiasa lumasung kalayan pinuh ku kabingah tur kaberkahan. Teu hilap nga haturkeun nuhun ka sadaya panitia anu tos ngarojong kana lumasungna acara ieu.
Minggu, 28 Agustus 2011
Jumat, 03 Juni 2011
RAPAT ANU KA 3
Alhamdulillah parawargi sadayana, dina dinten Kamis ping 02 Juni 2011 Parantos diayakeun deui pertemuan Alumni, dimana dina pertemuan teh geuning seuerpisan masukan oge hasil anu kalintang mundelna. diantawisna atuh pembentukan Koodinator penyebaran undangan di setiap Desa. Atuh kasugri palawargi sadayana anu parantos kapapancenan, mugia sing nampi kana tugas anu diemban hayu urang sasarengan ngalaksanakeunnana dibarengan ku ka ikhlasan sareng karidoan urang sadayana. Pon kitu deui atuh mugia palawargi sadayana dipaparinan kasehatan tur aya dina Rachmatna anu Maha Agung. Amin Ya Robbal Alamin. Diantos deui sumbang saranna kanggo terlaksanana tujuan urang sadayana.
Selasa, 31 Mei 2011
PANITIA REUNI SMPN CILAWU LULUSAN 1981
Sekretariat
Jl. Raya Garut Tasik KM 11.5 Kp. Babakan Pasantrean RT.03 RW.01
Desa Mekarsari Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut 44181
Phone : 085223681957
Jl. Raya Garut Tasik KM. 12 Kp. Citeulu RT.02 RW. II Desa Mekarsari Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut 44181
Phone : 085223681957
Desa Sukatani Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut 44181
Phone : 081323799249
Minggu, 22 Mei 2011
Pembentukan Panitia
Alhamdullillah Ngahaturkeun nuhun ka para wargi sadayana anu atos ngarojong kana ieu kagiatan Reuni SMPN Cilawu lululusan 1981. Ku kerja sama anu sae tur masukan masukan anu sae atuh Alhamdulillah dina dinten sabtu ping 21 Mei 2011 tos ngajadi susunan kapanitiaan Reuni SMPN Cilawu Lulusan 1981, Disarengan ku musyawarah tur mupakat tisadayana anu tempatna di Rumah Makan CTG. Alhasil Kapanitiaan tos Kabentuk. Atuh Di sungkeun rengat panggalihna kapara panitia anu tos ditunjuk oge anu tos kapapancenan tugas. Mangga urang sasarengan ngalaksanakeun tugas mugia Allah SWT ngaridhoan kana langkah urang tur dipasihan kasehatan oge kasalametan kanggo urang sadayana. Amin Yaa Robal Alamin. Tutus Langkung kepang halang Bobo sapanan, carang sapakan. Mugia cukup lumur jembar panghampuran. boh bilih aya basa anu teu merenah mugi ulah janten rengat panggalih
Atuh hapunten anu kasuhun bilih tea kiranng sapagodos oge kirang mufakat, sumangga sumbang saran oge kritikna anu dianti.
Atuh hapunten anu kasuhun bilih tea kiranng sapagodos oge kirang mufakat, sumangga sumbang saran oge kritikna anu dianti.
Jumat, 20 Mei 2011
Assalammu'alaikum Wr.Wb
Haturan Kasadaya Palawargi anu dilembur, baraya anu di kota atuh khususna kasaderek Alumni SMPN Cilawu Lulusan 81. Mugia parawargi sadaya aya dina ginanjar kawilujengan oge salamina aya dina bimbingan tur Ridho Allah SWT. Alhamdulillah wasyukurillah urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di Blog Alumni SMPN Cilawu Lulusan 1981 ieu. mugia tiasa janten pangrojong tur janten pangbeberah manah, oge anu langkung utami tiasa diangge tali silaturahim anu langkung sae, meungkeut tali wargi malah mandar janten taliwargi anu nyata.Atuh langkungna mugiya ieu blog sing janten jambatan kanggo nyambungkeun tali silaturahmi urang sadayana...amin ya Robbal'alamiin.

Boh bilih aya kritik sareng saran kanggo ieu blog mugi ulah asa kawagel mangga weh langsung dugikeun dina postingan anu tos aya, Insya Alloh ieu blog urang tetep jaga tur mugiya kapayuna pinuh ku mang rupi-rupi konten anu mangfaat...Amin...
Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.
Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.
Langganan:
Postingan (Atom)