Jumat, 20 Mei 2011

Assalammu'alaikum Wr.Wb                      
Haturan Kasadaya Palawargi anu dilembur, baraya anu di kota atuh khususna kasaderek Alumni SMPN Cilawu Lulusan 81. Mugia parawargi sadaya aya dina ginanjar kawilujengan oge salamina aya dina bimbingan tur Ridho  Allah SWT. Alhamdulillah wasyukurillah  urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di Blog Alumni SMPN Cilawu Lulusan 1981 ieu. mugia tiasa janten pangrojong tur janten pangbeberah manah, oge anu langkung utami tiasa diangge tali silaturahim anu langkung sae, meungkeut tali wargi malah mandar janten taliwargi anu nyata.Atuh langkungna mugiya ieu blog sing janten jambatan kanggo nyambungkeun tali silaturahmi urang sadayana...amin ya Robbal'alamiin.
       Boh bilih aya kritik sareng saran kanggo ieu blog mugi ulah asa kawagel mangga weh langsung dugikeun dina postingan anu tos aya, Insya Alloh ieu blog urang tetep jaga tur mugiya kapayuna pinuh ku mang rupi-rupi konten anu mangfaat...Amin...

Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar