Selasa, 31 Mei 2011

PANITIA REUNI SMPN CILAWU LULUSAN 1981
Sekretariat
Jl. Raya Garut Tasik KM 11.5 Kp. Babakan Pasantrean RT.03 RW.01 
Desa Mekarsari Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut 44181 
Phone : 085223681957
             Jl. Raya Garut Tasik KM. 12 Kp. Citeulu RT.02 RW. II 
          Desa Sukatani Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut 44181
                               Phone : 081323799249

Minggu, 22 Mei 2011

Pembentukan Panitia

Alhamdullillah Ngahaturkeun nuhun ka para wargi sadayana anu atos ngarojong kana ieu kagiatan Reuni SMPN Cilawu lululusan 1981. Ku kerja sama anu sae tur masukan masukan anu sae atuh Alhamdulillah dina dinten sabtu ping 21 Mei 2011 tos ngajadi susunan kapanitiaan Reuni SMPN Cilawu Lulusan 1981, Disarengan ku musyawarah tur mupakat tisadayana anu tempatna di Rumah Makan CTG. Alhasil Kapanitiaan tos Kabentuk. Atuh Di sungkeun rengat panggalihna kapara panitia anu tos ditunjuk oge anu tos kapapancenan tugas. Mangga urang sasarengan ngalaksanakeun tugas mugia Allah SWT ngaridhoan kana langkah urang tur dipasihan kasehatan oge kasalametan kanggo urang sadayana. Amin Yaa Robal Alamin. Tutus Langkung kepang halang Bobo sapanan, carang sapakan. Mugia cukup lumur jembar panghampuran. boh bilih aya basa anu teu merenah mugi ulah janten rengat panggalih

Atuh hapunten anu kasuhun bilih tea kiranng sapagodos oge kirang mufakat, sumangga sumbang saran oge kritikna anu dianti.


Jumat, 20 Mei 2011

Assalammu'alaikum Wr.Wb                      
Haturan Kasadaya Palawargi anu dilembur, baraya anu di kota atuh khususna kasaderek Alumni SMPN Cilawu Lulusan 81. Mugia parawargi sadaya aya dina ginanjar kawilujengan oge salamina aya dina bimbingan tur Ridho  Allah SWT. Alhamdulillah wasyukurillah  urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di Blog Alumni SMPN Cilawu Lulusan 1981 ieu. mugia tiasa janten pangrojong tur janten pangbeberah manah, oge anu langkung utami tiasa diangge tali silaturahim anu langkung sae, meungkeut tali wargi malah mandar janten taliwargi anu nyata.Atuh langkungna mugiya ieu blog sing janten jambatan kanggo nyambungkeun tali silaturahmi urang sadayana...amin ya Robbal'alamiin.
       Boh bilih aya kritik sareng saran kanggo ieu blog mugi ulah asa kawagel mangga weh langsung dugikeun dina postingan anu tos aya, Insya Alloh ieu blog urang tetep jaga tur mugiya kapayuna pinuh ku mang rupi-rupi konten anu mangfaat...Amin...

Wassalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.